'WILUJENG SUMPING'

Riung mungpulung Urang Sindangsari
Silih Asah Silih Asih Silih Asuh

Selasa, 01 November 2011

5 PANDANGAN HIRUP URANG SUNDA

Rabu, Oktober 29th, 2008

1. Urang Sunda Sabage Pribadi

” Kudu hade gogog hade tagog,urang sunda diharepkeun sajabaning ngabogaan rupa jeung awak anu tegep,pantes,oge ngabogaan budi jeung sikep nu hade.

Nyaur kudu diukur nyabda kudu di ungang,urang sunda kudu bisa ngandalikeun lisan,ngomong kudu aya maksud jeung tujuan nu bener,cumarita kudu diatur sangkan teu nganyerikeun batur.

Sacangreud pageuh sagolek pangkek,urang sunda kudu ngabogaan sikep nu tandes,konsisten,henteu jalir jangji. Pengkuh dina bebeneran.

Ulah lali ka Purwadaksina,urang sunda kudu tetep sederhana,teu meunang kaleuleuwihan dina enggoning ngalakonan kahirupan,kudu inget ka asal, asal jelema mah teu boga nanaon, euweuh nu kudu dipikareueus kabeh oge milik nu Maha Suci Allah nu Maha Kawasa.

2. Hubungan Jeung Nu Nyiptakeuna

Mulih kajati mulang ka asal, urang sunda kudu inget yen jelema mah diciptakeun ku Gusti nu Maha Suci Allah SWT,oge bakal maot balik deui kanu bogana.

Nimu luang tina burang, urang sunda kudu yakin yen sagala kasusah tangtu aya hikmahna, nu kudu di teang hikmah tina sagala kajadian eta.

3. Hubungan Jeung Lingkungan Sosial

Kudu silih asih,silih asah jeung silih asuh, urang sunda kudu hirup rukun silih pikanyaah, silih simbeuh ku kadeudeuh.

Pondok jodo panjang baraya, urang sunda kudu boga kayakinan sanajan lain jodo tapi babarayaan/duduluran mah teu meunang pegat.

Ulah ngaliarkeun taleus nu ateul, urang sunda teu meunang nyebarkeun isu/berita, nu can tangtu bener, komo deui nu teu bener.

Bengkung ngariung bongkok ngaronyok, sanajan susah kudu tetep babarengan.

Nyhunkeun bobot pangayun timbang taraju, kaadilan nyaeta milik sakabeh jelema, kitu oge urang sunda kudu miharep diperlakukeun adil, oge kudu ngabogaan rasa kaadilan ka sasama.

Lain palid ku cikiih,lain datang ku cileuncang, urang sunda mah lamun datang kahiji tempat kudu boga pamaksudan nu puguh, jadi unggal rek indit-inditan kamana wae, rek hadir dimana wae oge tinangtu boga tujuan.

Taraje nanggeuh dulang tinande, urang sunda mah lamun dibere pancen naon wae kudu ngajalankeun kawajiban anu bener.

4. Hubungan Jeung Lingkungan Alam

Manuk hiber kujangjangna, jalma hirup ku akalna, urang sunda ngabogaan kayakinan yen tiap-tiap mahluk boga carana sorangan dina ngajalankeun kahirupanna.

Jawadah tutung biritna, sacara-carana urang sunda kudu ngahargaan kana kabiasaan batur sanajan beda jeung urang sorangan.

5. Kamajuan Lahiriah Ku Jalan Taat kana Norma-norma

Ulah pagiri-giri, pagirang-girang tampian, urang sunda teu meunang parebut kakawasaan jeung jabatan.

Ulah ngukur baju sasereg awak, urang sunda teu meunang ningali masalah tina kapentingan pribadi.

Ulah nyaliksik ku buuk leutik, urang sunda teu meunang meres ka jelema leutik (rahayat).

Ulah kumeok memeh dipacok, urang sunda teu meunang mundur samemeh ihtiar.

Kudu bisa kabula kabale, urang sunda mah ka bisa hirup dimana wae, wawuh/gaul jeung saha wae (fleksibel).

Mun teu ngopek moal nyapek, mun teu ngakal moal ngakeul, mun teu ngarah moal ngarih, urang sunda mah kudu bisa usaha satekah polah (maksimal) keur nedunan pangabutuh”.

Kahatur kanggo ka Urang Sunda sadayana anu aya dimana wae,mudah-mudahan 5 Pandangan Hirup ieu sing jadi hiji patokan jeung cermin urang sadaya dina enggoning ngalakonan kahirupan didunya.

Mugia Urang Sunda slawasana sing jadi WAWANGI di Nusantara……….Amin.

Rabu, 29 Oktober 2008

Mugia Urang Sunda salawasana sing jadi WAWANGI di Nusantara……….Amin.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Biodata Kang Agil

Arsip Blog

Wadya Balad